Archive for Mei 11th, 2007
Buletin 11-05-2007
Pepeling ……
Lamun pareng keur meunang kariweuh,
nete semplek nincak semplak, muntang lesot ngeumbing porot, heureut pakeun pungsat bahan, lieuk euweuh ragap taya, dagang rarab tani rugi, nganjuk lapur nagih nihil, tuluyna mah, kana ibadah waregah, kana sunat teu semangat, kana ngaji teu sarudi salasaan haroream, jumaahan narah pisan.
Dina keur kaayaan sarupa kitu, geura sing dzikir ka Gusti, cara dzikirna ku sabar, ngan kade pasalia paham, harti sabar teh ngawayahnaken, rido bari tumarima,
nampi kana Taqdir nu Maha Suci. Mun pareng keur kakurangan wayahna saaya-aya. Lamun kana doraka mah wayahna nandang nyingkahan, sabab eling ka Gusti. Lamun kana ibadah mah kayaning ka pangajian, wayahna nandang hoream, teu sumingki ku teu ari, teu sungkan pedah rek dagang sabab eling ka Gusti.
(Pidawuh Syekh Faqih r.a).
3 comments Mei 11, 2007