Buletin 11-05-2007
Mei 11, 2007
Pepeling ……
Lamun pareng keur meunang kariweuh,
nete semplek nincak semplak, muntang lesot ngeumbing porot, heureut pakeun pungsat bahan, lieuk euweuh ragap taya, dagang rarab tani rugi, nganjuk lapur nagih nihil, tuluyna mah, kana ibadah waregah, kana sunat teu semangat, kana ngaji teu sarudi salasaan haroream, jumaahan narah pisan.
Dina keur kaayaan sarupa kitu, geura sing dzikir ka Gusti, cara dzikirna ku sabar, ngan kade pasalia paham, harti sabar teh ngawayahnaken, rido bari tumarima,
nampi kana Taqdir nu Maha Suci. Mun pareng keur kakurangan wayahna saaya-aya. Lamun kana doraka mah wayahna nandang nyingkahan, sabab eling ka Gusti. Lamun kana ibadah mah kayaning ka pangajian, wayahna nandang hoream, teu sumingki ku teu ari, teu sungkan pedah rek dagang sabab eling ka Gusti.
(Pidawuh Syekh Faqih r.a).
JADWAL PENGAJIAN ASY-SYIFA
Entry Filed under: Buletin Asy-Syifa Al-Mahmudiyyah. .
3 Comments Add your own
Leave a Comment
Some HTML allowed:
<a href="" title=""> <abbr title=""> <acronym title=""> <b> <blockquote cite=""> <cite> <code> <pre> <del datetime=""> <em> <i> <q cite=""> <strike> <strong>
Trackback this post | Subscribe to the comments via RSS Feed
1.
Ahmad Maudud | Juli 13, 2007 at 7:32 pm
PUNTEN…. ka pangersa na ketua sekertariat…
abdi seja nyuhung keun photo PA KIAYI sareng upami tiasa mah sareng PARA ASATID na…..
haturnuhun sa teu acana di antos pisan waleran nana….
hatur nuhun…..
2.
Eko AL bukhori | Oktober 30, 2007 at 3:53 pm
mana buletin yg barunya kok ngak ada?? maju terus buat ASy-syifa
3.
asysyifa | November 1, 2007 at 11:34 am
Assalamu ‘alaikum Wr. Wb.
Blog Asyifa sekarang sudah diganti menjadi
http://asysyifawalmahmuudiyyah.wordpress.com/
Jadi blog yg baru tsb yang selalu di update jadwal/buletinnya…
Terima kasin,
Wassalamu ‘alaikum Wr. Wb.
Admin Asy-Syifa wal Mahmuudiyyah